naon bedana terjemaahan jeung saduran
B. Daerah
muslim34
Pertanyaan
naon bedana terjemaahan jeung saduran
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Tarjamahan
Kelas : XII (3 SMA)
Pembahasan :
Tarjamahan nyaeta mindahkeun hiji tulisan atawa carita anu ngagunakeun hiji basa kana tulisan anyar anu ngagunakeun basa anu beda jeung basa anu aya dina tulisan asalna. Aya dua hal penting anu perlu dilakukeun dina ngalakukeun tarjamahan, nyaeta yen kahiji dina ngalakukeun tarjamahan teh kudu bisa mindahkeun oge nilai-nilai sastra anu aya dina tulisan asal kana tulisan anyarna. Anu kadua, dina ngalakukeun tarjamahan kudu "satia", nyaeta dina narjamahkeun teh ulah nepi ka aya kecap anu hartina salah atawa salah harti.
Sedengkeun saduran mah hartina nyaeta tarjamahan bebas. Umpama tarjamahan mah nyaeta mindahkeun hiji tulisan anu ngagunakeun hiji basa ka tulisan anyar anu ngagunakeun basa lain sacara kecap per kecap, saduran mah nyaeta nyieun tulisan atawa carita anyar anu dumasar sacara bebas kana hiji carita anu aya dina hiji tulisan anu ngagunakeun basa anu beda jeung tulisan anu anyar.