B. Daerah

Pertanyaan

sebutkeun paling saeutik tilu judul anu kaasup kana dongeng sasakala

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng

    Kelas : X (1 SMA)

    Pembahasan :


    Judul carita anu kaasup kana dongeng sasakala nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang jeung Sasakala Gunung Tangkuban Parahu. Dongeng teh nyaeta kaasup kana karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Dongeng jeung carita wayang kaasup kana prosa buhun. Sedengkeun novel jeung carpon kaasup kana prosa modern.


    Aya sawatara rupa dongeng, nyaeta saperti fabel, parabel, mite, sasakala, jeung sage. Dongeng sasakala atawa sok disebut oge legenda, nyaeta rupa dongeng nu eusi caritana dipercaya ku masarakat satempat yen eta carita teh bener-bener kajadian atawa kungsi aya, tapi dongeng sasakala atawa legenda mah henteu dianggap suci atawa sakral.

Pertanyaan Lainnya